Paribasa Bahasa Sunda
Sampurasun, hai kawan semuanya diartikel perdana kali ini, saya akan share mengenai paribasa bahasa sunda beserta artinya yang dilengkapi dengan contoh-contohnya namun paribasa bahasa sunda ini diawali dengan kalimat yang berabjad A, mari kita simak bersama pembahasannnya dibawah ini :
Adam Lali Tapel hartina poho ka baraya.
Artinya lupa kepada orang terdekat.
Contoh kalimatna : "Si Mimip mah adam lali tapel, poho ka lembur soranganteh."
Adat Kakurung ku Iga hartina tabe'at nu geus he'se' dirobahna.
Artinya kelakuan yang sulit diubah
Contoh kalimatna : "Si Yudi mah mun dititah beberes imah ku Indungna teh sok hese, abong adat kakurung ku iga."
Adean ku Kuda Beureum hartina ginding ku barang batur atawa ku barang menang nginjem.
Artinya sombong dengan harta dengan hasil pinjaman.
Contoh kalimatna : "Gaya so teh Si kardunmah adean ku kuda beureum, kabeh oge beunang nginjeum anu dipakenateh ti lanceukna."
Adu Telu Ampar Tiga hartina diriungkeun perkara nu ngajual jeung nu meuli.
Artinya dikumpulkan orang yang menjual dan membeli.
Contoh kalimatna : "anu rek jual beuli imah teh geus adu telu ampar tiga di bale desa."
Agul ku Payung Butut hartina jalma teu boga tapi kalakuan sombong.
Artinya orang yang tidak kaya tapi sombong seakan dirinya orang kaya.
Contoh kalimatna : "Pa Onde mah agul ku payung butut, beh dipika hormat nyaritakeun yen manehna teh turunan menak baheulana."
Alak-alak Cumampaka hartina niru-niru (mapadani) saluhureun.
Artinya tidak menghormati orang yang lebih dewasa.
Contoh kalimatna : "si otong mah sok alak-alak cumampaka, sok di pikasebeleun batur.
Gusti Allah Tara Nanggeuy di Bongkokna hartina Gusti Allah moal mihak ka jalma anu salah.
Artinya Allah Tidak akan memihak kepada orang yang salah.
Contoh kalimatna : "Singsabar wae kang Igun Allah mah tara naggeuy di bongkokna."
Ambek Sadu Santa Budi hartina soleh hate
Artinya baik hati
Contoh kalimatna "Abong ambek sadu santa budi si syahriel mah di poyok ku si azis teh tara ngambeuk kalah seuri"
Anjing Ngagonggongan Kalong hartina mikahayang tapi teu nempo kaayaan.
Artinya ada kemauan tapi tidak melihat keadaan diri sendiri.
Contoh kalimatna " ari si Dudung bet siga anjing ngagonggongan kalong ari hayang meuli motor teh, keurmah loba hutang ka warung si neneng teh."
Anjing Nyampeurkeun Panenggeul hartina nyampeurkeun ka jalma nu rek mahala.
Artinya menghadapi musuh yang akan memukul.
Contoh kalimatna "naha ari maneh kawas Anjing nyamperkeun panenggeul geus puguh si Duding teh hewaeun ka maneh, tikamari oge geus siap-siap ngajegat rek nennggeulan maneh."
Ari Diarah Supana Kudu Dijaga Catangna hartina mun boga barang nu diala hasilna kudu bisa ngajagana.
Artinya jika mempunyai barang jasa harus bisa merawatnya.
Contoh kalimatna : "Udin motor nu sok dipake ngojeg teh urus atuh beh teu babari ruksak ari diarah supana dijaga catangna."
Ari Umur Tunggang Gunung Angen-angen Pecat Sawed hartina ari umur geus kolot ari kahayang jeung kalakuan siga nu ngora.
Artinya umur sudah tua tapi kelakuan dan kemauan kayak anak muda.
Contoh kalimatna : "Ki Shodiq mah tunggang gunung angen-angen pecat sawed, unggal poe teh ngumpul jeung pamuda maraen PS."
Asa Aing Uyah Kidul hartina asa aing pang punjulna.
Artinya serasa paling kaya
Contoh kalimatna : "Si Dadangmah asa aing uyah kidul, pedah bapakna jadi lurah."
Asa Kabur Pangacian hartina kacida reuwasna, nepi ka teu puguh cabak.
Artinya kaget tak terduga
Contoh kalimatna : "Bieu basa kacilakaan si kardun teh meni asa kabur pangacian."
Aya Jalan Komo Meuntas hartina kabeneran kana pamaksudan anu sarua.
Artinya kebetulan.
Contoh kalimatna : "keurmah bade ameung maen catur ka imah si syamsul, ayeuna dipiwarang nganteurkeun kueh ku pun lanceuk ka indungna, atuh puguh we aya jalan komo meuntas."
Ati Putih Badan Bodas hartina pasrah kana kaalusan.
Artinya pasrah karena yakin akan mendapatkan perkara yang baik.
Contoh kalimatna : "hendra mah ati putih badan bodas, nyanggakeun ka kersa Bapak kumaha saena wae."
Ayakanmah Tara Meunang Kancra hartina hasilmah tergantung kana usahana.
Artinya hasil yang di dapatkan tergantung pada usaha yang dilakukan.
Contoh kalimatna : "si Tatamah hayang jadi presiden tapi embung sakola, atuh moal bisa, da ayakanmah tara meunang kancra."
Aub Payung Sabet Panon Soba-soba hartina nuduhkeun wawatesan pakuwon.
Contoh kalimatna : "Sagedena oge atuh aub payung sabet soba-soba, moal nepi ka ratusan hektar."
Ayeuh Ngora hartina tumerap kana turunan anu maraot ngora-ngora.
Contoh kalimatna : "karunya, keluarga tarno mah ayeuh ngora"
lengkap apaan bangsat heunceutttt
BalasHapusWooww... lengkap banget makasih ya karena ini aku jadi bisa ngerjain tugas sekolah
BalasHapusLengkapin dong🙏
BalasHapusEeq
BalasHapusMakasih lumayan lengkap, pas buat tugas
BalasHapusGut
BalasHapusWow
HapusFont nya gut nih
HapusBagus tapi ada yg di pendekin aje (orang males nulis emang kek begitu hehe)
BalasHapusIya bener :v
Hapus